close
Lompat ke isi

Dzikir

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dzikir
ذِكْر
Informasi Dasar
Hartosna Inget ka Allah SWT
Akar Kecap Dzakara (nginget)
Dasar Hukum Al-Qur'an & Hadits
Alat (Opsional) Tasbéh, ramé paranti
Contoh Kalimah Utama
  • Tasbih: سُبْحَانَ اللهِ
  • Tahmid: الْحَمْدُ لِلَّهِ
  • Tahlil: لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ
  • Takbir: اللهُ أَكْبَرُ
  • Istigfar: أَسْتَغْفِرُ اللهَ
Klasifikasi
Jenis Ibadah, Tasawuf
Tujuan Tuma'ninah (katengtreman haté)

Dzikir (Basa Arab: ذِكْر, ḏikr) sacara étimologi hartosna inget. Dina syaréat Islam, anu dimaksud ku dzikir téh nyaéta éling ka Allah. Dzikir dina harti anu lega, lain ngan saukur kedaling lisan ku ucapan-ucapan anu tangtu, sanajan hal anu kitu téh mémang kaasup kana dzikir. Dzikir dina hakékatna mah nyaéta inget ka Allah (ذِكْرُ الله).[1]

Dzikir (inget ka Allah: ذِكْرُ الله) nempati posisi anu kacida urgent (penting pisan) dina prosés ngahambakeun diri ka Sang Nu Nyipta (Al-Khaliq). Sakumaha anu parantos dipikaharti, yén tujuan utama Allah ngayugakeun manusia téh nyaéta pikeun ibadah sarta ngabakti ka Anjeunna (QS. Adz-Dzariyah: 56). Sarta wangun pangabdian ka Anjeunna téh di antarana ku jalan salawasna inget ka Anjeunna.[1]

Imam Nawawi dina kitab Al-Adzkar nétélakeun yén anu paling utama tina saniskara aktivitas saurang hamba nyaéta nyibukkeun diri ku dzikir (inget) ka Allah, kalawan dzikir-dzikir anu parantos ditungtunkeun ku Rasulullah.[2]

Mangpaat-Mangpaat Dzikir

[édit | édit sumber]

Sim kuring nyutat sakumna ieu pedaran tina mangpaat-mangpaat anu parantos ditétélakeun ku nu alim, Imam Ibnul Qayyim Rahimahullah dina kitabna, Al-Wabil Ash-Shayyib (الوابل الصيب):[3]

  1. Yén saéstuna dzikir téh nyingraykeun sétan, neunggeulna kalawan tarik, sarta ngancurkeunana nepi ka tumpur.
  2. Yén saéstuna dzikir téh ngadatangkeun karidoan Ar-Rahman Azza wa Jalla.
  3. Yén saéstuna dzikir téh nyingkahkeun rasa sedih sarta gundah tina jero haté, tur ngeusi haté ku rasa gumbira, bagja, sarta sumanget.
  4. Yén saéstuna dzikir téh nguatkeun haté sarta tatanan awak.
  5. Yén saéstuna dzikir téh maparin cahaya kana pameunteu sarta kana haté.
  6. Yén saéstuna dzikir téh jadi cukang lantaran ngocor méréna rejeki.
  7. Langkung lengkep pilari dina buku ieu: Syarah Do'a dan Dzikir Hishnul Muslim karya Sa'id bin Ali bin Wahf Al-Qahthani.[3]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Al-Zuhaili, Syaikh Wahbah (2013). Kitab Lengkap Panduan Shalat. Gema Insani. hlm. 415. ISBN 9786022731054. Diaksés tanggal 2026-03-12.
  2. Al-Zuhaili, Syaikh Wahbah (2013). Kitab Lengkap Panduan Shalat. Gema Insani. hlm. 415. ISBN 9786022731054. Diaksés tanggal 2026-03-12.
  3. 1 2 Al-Qahthani, Sa'id bin Ali bin Wahf (2017). Syarah Do'a dan Dzikir Hishnul Muslim. Pustaka Al-Kautsar. hlm. PR33. ISBN 9789795927594. Diaksés tanggal 2026-03-12.