close
Lompat ke isi

Orbit

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dua banda anu massana rada béda keur ngurilingan hiji puseur massa babarengan. Ukuran jeung jinis orbit modél kieu téh sarupa jeung sistem Pluto-Charon.

Dina widang fisika, orbit nyaéta jalur anu diliwatan ku hiji objék nalika muter sabudeureun objék séjénna alatan pangaruh gaya gravitasi atawa gaya tinangtu. Jalur orbit ieu munggaran ditalungtik sacara matématis ku Johannes Kepler, anu satuyuna ngarumuskeun hasil étanganana dina hukum Kepler ngeunaan gerak planét.

Kepler manggihan yén orbit planét dina surya mandala urang téh wangunna élips, lain buleud sampurna atawa épisiklus sakumaha anu dipercaya ku masarakat harita.

Sajarah Analisis Orbit

[édit | édit sumber]

Isaac Newton satuyuna ngabuktikeun yén hukum Kepler téh saluyu jeung téori gravitasi anu diciptakeun ku anjeunna. Newton ogé manggihan yén jalur dua banda anu silih pangaruhan ku gravitasi bakal nuturkeun jalur anu luyu jeung irisan kerucut, boh éta élips, parabola, atawa hiperbola.

Gerakan dina Orbit

[édit | édit sumber]

Dina hiji sistem orbit, banda anu hiji miboga pangaruh gravitasi ka banda séjénna sahingga nyiptakeun gerakan anu kaatur. Hal ieu bisa katingali dina gerakan:

Isaac Newton ngabuktikeun yén hukum Kepler bisa diturunkeun tina téori gravitasi. Sacara umum, gerakan banda dina lingkup pangaruh gravitasi téh mangrupa lintasan anu wangunna keureutan congcot. Newton saterusna némbongkeun yén sapasang banda bakal silih ngurilingan kalawan jarak anu babanding tibalik jeung massana, sarta muter sabudeureun titik puseur massa (t.p.m.) gabungan tina éta dua banda. Upami salah sahiji banda jauh leuwih gedé (massive) batan banda nu hijina deui, mangka t.p.m-na bakal leuwih deukeut ka puseur massa banda anu leuwih gedé téa.

Orbit Bumi

[édit | édit sumber]

Gerakan Bumi nalika ngurilingan Panonpoé téh wangunna élips. Salian ti éta, Bumi ogé jadi puseur orbit pikeun Bulan, di mana Bulan muter ngurilingan Bumi dumasar kana jalur orbitna.

Peran dina Évolusi Téori Atom

[édit | édit sumber]

Nalika struktur atom munggaran ditalungtik dina awal abad ka-20, atom digambarkeun minangka surya mandala leutik anu kabeungkeut ku gaya Coulomb. Sanajan modél ieu awalna dianggap teu saluyu jeung éléktrodinamika, modél ieu terus dirapihkeun luyu jeung parobahan téori kuantum. Nepi ka ayeuna, istilah "orbit" masih kénéh dipaké pikeun ngagambarkeun tingkat énérgi éléktron nalika ngurilingan inti (nukleus) atom.

Tumbu Luar

[édit | édit sumber]