Lamiaceae
Pidangan
| Mint Family | |
|---|---|
| (Lamiaceae) | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | Lamiaceae |
Lamiacéae, asalna disebut Labiatae nyaéta kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1][2] Kulawarga ieu sok dipikawanoh salaku kulawrga tutuwuhan mint, nu diwangun ku 236 genus jeung leuwih ti 7.000 spésiés.[2] Kulawarga ieu mangrupa nu pangbadagna tina ordo Lamiales.[2] Sabagian gedé tina Lamiacéae mangrupa tatangkalan atawa semak , umumna mangrupa tutuwuhan aromatik, jujukutan, batang segi opat, jeung kembangan vertikal.[2][3] Lamiacéae sumebar hampir sakuliah dunya.[2] Utamana tutuwuhan ieu kacatet aya dina pasakeun sakuliah dunya, jeung salaku tutuwuhan hérbal kulinér nu lumayan penting.[3]
Conto Genus sarta Mangfaat
[édit | édit sumber]Ieu kulawarga miboga ajén ékonomi anu kacida luhurna di Indonésia sarta dunya:
Tutuwuhan Ubar sarta Aromatik
[édit | édit sumber]- Mentha (Mint): Asalna ti wewengkon subtropis, dipaké pikeun minyak atsiri sarta ubar herbal[4].
- Lavandula (Lavender): Asalna ti wewengkon Méditérania, dipaké pikeun parfum sarta ubar nenangkeun sedative[5].
- Coleus (Jawér kotok): Asalna ti Asia Tenggara sarta Afrika, mindeng dipaké ubar tradisional pikeun bareuh atanapi radang.[4]. Ieu kulawarga diwangun ku kira-kira 236 genus sarta leuwih ti 7.000 spésiés anu kasebar di sakuliah dunya, utamana di wewengkon Méditérania
Tutuwuhan Kai sarta Industri
[édit | édit sumber]- Tectona (Jati): Spésiés Tectona grandis mangrupa tutuwuhan asli Asia Tenggara (kaasup Indonésia) anu ngahasilkeun kai panghadéna pikeun jati imah sarta kapal.[5].
Tutuwuhan Hias
[édit | édit sumber]Réferénsi
[édit | édit sumber]- ↑ (en)Lamiaceae Archived 2017-09-05 di Wayback Machine (diakses 8 Maret 2016)
- 1 2 3 4 5 (en)Lamiaceae plant (diakses 8 Maret 2016)
- 1 2 (en)Mints(diakses 9 maret 2016)
- 1 2 3 Plants of the World Online (POWO). "Lamiaceae Martinov." Diaksés 10 April 2026.
- 1 2 Britannica. "Lamiaceae: Plant Family." Diaksés 10 April 2026.
Referensi
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |